Phil Collins


Phil Collins, Barcelona, 2004

Philip David Charles Collins atawa anu leuwih kasohor Phil Collins nyaéta musisi pop/ rock, penulis lagu, aktor asal Inggris anu lahir tanggal 20 Januari 1951 di London, Inggris. Phil Collins anu kungsi meunangkeun Grammy Awards ieu kasohor dina taun 80an, malah mah kungsi jadi vokalis grup musik Genesis. Debut karir Phil Collins dimulai jadi drummer dina grup musik Flaming Youth, tuluy jadi vokalis utama Genesis (1976), tapi dina taun 1996, Collins leuwih milih karir solo.

Phul nikah jeung Andrea Bertorelli, wanoja teureuh Kanada. Tina ieu hubungan, Phil boga anak ngaranna Simon Collins. Phil COllins cerai jeung Andréa dina taun 1980, tuluy manéhna nikah deui jeung Jill Travelman (1984-1996), tina ieu hubungan Phil boga anak anu dingaranan Lily Collins. Taun 1999, Phil nikah deui jeung Orianne Cevey tuluy nganjrek di Swiss, tapi cerai dina tanggal 16 Maret 2006, tina ieu hubungan Collins boga 2 anak, Nicholas jeung Matthew. Lagu-laguna au kasohor nyaéta In the Air Tonight, Sussudio, Another Day in Paradise sedengkeun jeung Genesis mah anu kasohor téh nyaéta lagu Follow You, Follow Me. Phil Collins meunangkeun tujuh 'Grammy Awards, Academy Award, jeung 2 Golden Globe.

Référénsi

  1. a b c d e f g h Profil Phil Collins-kapanlagi.com (diaksés tanggal 21 Nopémber 2011)
  2. a b c Biografi Phil Collins (diaksés tanggal 21 Nopémber 2011)